Surya Paloh


Surya Dharma Paloh (ngaranna leuwih dipikawanoh minangka Surya Paloh; gumelar di Kutaraja, Banda Acéh, 16 Juli 1951; umur 72 taun[1]) nyaéta saurang pulitikus ogé pangusaha pers sakaligus nu boga stasiun tipi Métro TV.[1] Surya Paloh ogé nu boga surat kabar Média Indonésia jeung Lampung Post anu kagabung dina Média Group.[1] Anjeunna ogé mangrupakeun salah sahiji oligarki anu ngadukung Anies Baswedan. Anjeunna nikah jeung Rosita Barack taun 1984 di Jakarta anu saterusna dipaparin anak nu ngaranna Prananda nu gumelar di Singapura taun 1988.[1][2]

  1. a b c d profil.merdeka.com. 2014. Surya Paloh. Jakarta: Index Profil.
  2. "Berita Surya Paloh Terkini dan Terbaru Hari Ini - SINDOnews". SINDOnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-09-29. 

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search